Wawancara B. Sunda


 TEORI WAWANCARA

Wawancara nyaeta hiji kagiatan komunikasi anu geus ilaharna lumangsung di masyarakat. Ngan teu kabeh masyarakat sok ngahajakeun saban waktu ngawawancara. Wawancaranah biasana di lakukeun ku wartawan atawa sajabana.
Wawancara mah ka asup kagiatan nyarita dua arah, aya nanya jeung aya ngajawab. Samemeh ngalakukeun wawancara urang perlu tatahar heula sabaraha hal anu dianggap perlu disadiakeun. Kalimah tanya anu disusun ku urang ulah panjang teuing, mun bisa mah parondok jeung togmol ( langsung ) kana sasaran.
Diantarana saperti kieu :
-  Keur kaperluan naon ?
- Naon wae nu ditanyakeunana ?
- Saha anu rek ditanya ?
- Kamana kudu nepunganana ?
- Iraha waktuna ?

Kalimah tanya jadi bahan pikeun urang dina waktu geus teupung jeung narasumber. Narasumber jalma nu baris dipenta kateranganana, oge bisa rupa-rupa gumantung kana kaperluan pananya. Upama perlu informasi ngenaan kasenian, pendidikan, olah raga, kitu wae satuluyna.
 
 
DAPTAR PATANYAAN
-Punten pami jenengan bapa saha?
-Dupi yuswa bapa sabaraha taun?
-Ti taun sabaraha bapa ngawitan jualan batagor?
-Salain ngajualan batagor bapa ngagaduhan padamelan naon deui?
-Kunaon sababna batagor bapa dinamian Batagor Online?
-Kinten-kinten sabaraha modal bapa ngawitan jualan batagor?
-Naon wae bahan-bahan dina ngadamel batagor teh?
-Sadintenna bapa nye’epkeun sabaraha kilo kanggo bahan ngadambel batagor?
-Sabaraha modal kanggo meser bahan dina sadintena?
-Bapa dagang ngawitan jam sabaraha? Sareng dugi ka jam sabaraha?
-Dimana wae bapa teh jualana?
-Sabaraha panghasilan bapa tiap dintenna?
-Sareng saha bapa jualana?
-Pernah ngalaman rugi teu salami ngajualan batagor?
-Naon wae kendala anu pernah di alaman ku bapa salami dagang batagor?

HASIL WAWANCARA
Abdi                              : Assalamualaikum!!!
Narasumber       : Waalaikumsallam!!!
Abdi                   : Punten bapa tiasa nyuhunkeun waktosna sakedap!  Abdi sareng rerencangan ti SMAN 2 Sumedang tugas (pancen) ti guru basa sunda kanggo ngadambel wawancara, manawi bapa kersa diwawancara?
Narasumber       : Muhun mangga kaleresan bapa nuju salse.
Abdi                              : Punten pami wasta bapa saha?
Narasumber       : Wasta bapa Joni, sebat we pa Oni.
Abdi                              : Dupi yuswa bapa sabaraha taun?
Narasumber       : Yuswa bapa tos 38 taun.
Abdi                              : Ti taun sabaraha bapa ngawitan jualan batagor?
Narasumber       : Bapa mah nembean ngawitan jualan batagor mah, pami teu lepat mah ti taun 2010.
Abdi                   : Salain ngajualan batagor bapa ngagaduhan padamelan naon deui?
Narasumber      : Salian ti jualan batagor bapa sok jualan daging hayam nguliling, tapi ku margi ayeuna mah sesah hayam teh, jadi bapa ngeureuyeuh we jualan batagor.
Abdi                   : Kunaon sababna batagor bapa dinamian Batagor Online?
Narasumber      : Eta teh ngan saukur lalandian wae, pan di jaman ayeuna mah tos canggih ku teknologi. Sok seu’eur barudak ngora sok nyarebut Online, nya ku bapa dinamian we batagor Online. Kaleresan istri bapa namina elin, istilahna mah Online teh Oni sareng Elin. Hehehe
Abdi                   : Kinten-kinten sabaraha modal bapa ngawitan jualan batagor?
Narasumber      : Kapungkur mah ngan coba-coba, lantaran aya hajat nikahkeun, nya nyobian bapa dagang batagor kaleresan aya gerobak tilas, kaleresan deui waktos harita seep dagangana. Alhamdulillah dugi ka ayeuna bapa tiasa mayeung jualan.
Abdi                   : Naon wae bahan-bahan dina ngadamel batagor teh?
Narasumber      : Bahan-bahanna mah ngan saukur: 1kg Lauk, 2kg aci brangkas, tarigu, bawang daun, sareng bumbu kacang.
Abdi                   : Sadintenna bapa nye’epkeun sabaraha kilo kanggo bahan ngadambel batagor?
Narasumber       : Sadinten bapa teh ngadamel bahan batagor teh, kirang langkung 3 kg.
Abdi                   : Sabaraha modal kanggo meser bahan dina sadintena?
Narasumber      : Kirang langkung 50rb sadinten. Kanggo bahan sareng minyak gorengna.
Abdi                   : Bapa dagang ngawitan jam sabaraha? Sareng dugi ka jam sabaraha?
Narasumber      : Bapa mah ngawitan dagang tabuh 08.00 dugi ka ba’da ashar, atanapi tabuh 04.00.
Abdi                     : Dimana wae bapa teh jualana?
Narasumber      : Jualan bapa mah nguriling we di lingkungan cipameungpeuk.

Abdi                              : Sareng saha bapa jualana?
Narasumber      : Bapa jualan nyalira, tapi pami aya hajatan nikahan bapa sok di bantosan ku istri bapa.
Abdi                              : Sabaraha panghasilan bapa tiap dintenna?
Narasumber       : Teu tangtos, pami nuju rame mah. Alhamdulillah kenging 90rb sadinteuna.
Abdi                   : Pernah ngalaman rugi teu salami ngajualan batagor?
Narasumber      : Alhamdulillah salami bapa jualan lancer, tapi kantos amang kaicalan kompor gas ku margi gerobakna sok di simpen di sisi jalan.
Abdi                   : Panginteun sakitu patarosan ti abdi sareng rerencangan Hatur nuhun kana waktosna!
Narasumber       : Sami-sami.
Abdi                              : Wassalamualaikum!
Narasumber       : Waalaikumsalam!



1 comments :

Rules:

1. No Spam